Basa Sunda

By : BingkaiWarta - BingkaiWarta, 2019-03-10 15:30:14+07

Basa Sunda.jpg

Urang Sunda Jaman Baheula.

 

Kuningan – Informasi pangkolotna ngeunaan basa jeung aksara nu dipaké di wilayah Kepulauan Nusantara, kaasup Tatar Sunda, aya dina prasasti ti abad ka-5 Masehi. Dina éta abad digunakeun basa Sanksekerta jeung aksara Palawa pikeun nuliskeun sababaraha prasasti di Kalimantan Timur (Karajaan Kutai) jeung Tatar Sunda (KarajaanTarumanagara). Éta basa jeung aksara lain basa pituin diajangkeun pikeun nuliskeun dokumen resmi, henteu digunakeun pikeun komunikasi sosial.

Jaman Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda, prasasti jeung naskah ditulis ngagunakeun dua basa jeung dua aksara, nyaéta basa jeung aksara Sunda kuna sarta basa jeung aksara Jawa kuna. Basa Sunda resmi diaku salaku basa nu madeg mandiri timimiti taun1841, dicirikeun kuayana (terbitna) kamus basa Sunda nu munggaran (kamus basa Belanda-Melayu jeung Sunda). Kamus éta diterbitkeun di Amsterdam, disusun ku T. Roorda, Sarjana basa timur, sedengkeun kandaga kecapna mah dikumpulkeun ku De Wilde.

Tuluy Roorda ngajieun pernyataan: Tulisan déngdék. Ieu kamus aya mangpaatna, hususna ngarah leuwih apal kana basa anu nepi kaayeuna kurangna pangaweruh jeung teu sampurna, basa anu dipaké di wewengkon Jawa wilayah barat (kulon), ku masarakat didi nya mah sok disebut Sunda atawa Sundalanden, basa nu dipaké di wilayah timur, béda jeung basa Jawa jeung Melayu, nyaéta basa anu dipaké ku urang dengeun di kepulauan HindiaTimur.

Basa Sunda salaku basa anu digunakeun dina pakumbuhan masyarakat, miboga sababaraha dialék gumantung daérahna, kayaning dialék Banten, Bogor, Parahyangan, jeung Cirebon anu disebut basa wewengkon.  Alatan kitu, basa Sunda ogé mibanda basa anu maneuh dina hartian basa lulugu minangka basa panganteur atawa basa nu baku dina pengajaran atawa dina pakumbuhan nyaéta basa nu aya di wilayah Priangan utamana Bandung.

Dina basa sunda aya anu disebut undak-usuk basa anu mangrupa padodan pikeun basa masarakat sunda. Undak-Usuk basa Sunda gumelar antara abad ka-18 atawa 19 nalika datang pangaruh politik Mataram jeung pengaruh ti basa Jawa Kuna. Dina jaman harita, jaman urang dijajah Walanda, mémang dina pakumbuhan urang Sunda (cara pakumbuhan sakumna urang Indonesia) aya panta-panta sosial. Dalah kalungguhan masing-masing jalma ogé béda-béda nurutkeun hukum, da aya hukum anu khusus jang urang Walanda katut urang Barat, aya hukum husus pikeun urang Timur asing (Cina, Arab, Keling jsté). Ari urang pribumi jadi dadampar panghandapna. Tapi kulantaran jumlahna pangréana, masih kénéh dibagi-bagi deui kana panta-panta: ménak, santana, somah atawa cacah kuricakan.

Undak-usuk basa anu dijieun jeung diajarkeun dina abad ka-19 nepi ka awal ka-20, mémang luyu jeung kaayaan masyarakat Sunda harita anu dibagi dina tahap-tahap sosial. Basa Sunda mibanda alat pikeun nuliskeunana nyaéta aksara Sunda, ogé dieuyeuban ku Undak-Usukna anu digunakeun nalika nyarita anu diluyukeun jeung tempat, jalma anu diajak nyarita jeung anu dicaritakeunana minangka silih ajénan antara papadana. Tétéla geuning basaSunda téh mangrupa basa anu madeg mandiri, basa anu tumuwuh di lingkungan masarakat Sunda, basa nu kudu dijaga, kudu diriksa jeung diraksa kusakumna urangSunda minangka salahsahiji unsur budaya pikeun ngécéskeun yén “Basa Sunda Jati Diri Urang Sunda”. (Sumber: Salakangara)

7 months ago, by BingkaiWarta
Category : BERITA PILIHAN, PERNIK, ARTIKEL

Kontak Informasi BingkaiWarta.com

Redaksi : redaksi[at]bingkaiwarta.com
Iklan : iklan[at]bingkaiwarta.com











Berita Terkini

Categories