Carpon Sunda : ‘Nepak Cai Malar Cérét’

By : BingkaiWarta - BingkaiWarta, 2020-03-18 16:24:50+07

Carpon Sunda ssf.jpg

Ilustrasi.

 

“Madhari, ari silaing téh naha bet jiga nu kapupusinganan teuing atuh?,” tanya Ua Darja nu ti tadi maturan Madhari di hareupeun imah.

“Keur gaduh pipikiran Ua,” témbalna pondok.

“Alah, naha enya budak satepak jiga manéh boga kasusah gédé, Madhari?,”.

“Atuh kantenan Ua. Apanan kuring mah da jalmi hirup,”

“Euleuh, jero Madhari,” ceuk Ua Darja, “Boga kasusah naon manéh téh, Jang?,” tanya Ua Darja.

“Ari kasusah mah teu ageung-ageung teuing meureun, Ua. Mung janten kapipikiran wé ieu téh duh. Asa pusing,” pokna.

“Nya naon atuh geura carita. Hayeuh wé diaya-aya, tapi teu buru dibéjakeun ka Ua, rék kumaha Ua nyaho,” ceuk Ua Darja bari murukusunu.

“Naha Ua hoyong terang?,”

“Aéh-aéh, nya Ua mah asa hariwang wé nempo manéh. Bet huleng jentul sorangan. Nya sugan Ua téh bisa méré jalan, Jang,” ceuk Ua Darja.

“Eumm.. kitu Ua?,”

“Nya, ari kitu?,”

Ngahuleng Madhari. Angin ngahiliwir pasosoré. Sora embé ngabérelé milu maturan. Langit cangra. Manuk hiber tuluy arocon di na dahan mahoni.

“Eu.. kieu Ua. Abdi téh sok ngaraos bingung,” ceuk Madhari, “Naha jaman ayeuna téh tos robah pisan sugan sagalana nya, Ua?,”

“Robah kumaha?,”

“Ayeuna mah loba jalmi téh sok asa pang benerna wé, Ua. Ceuk abdi nya,” ceuk Madhari, “Tiasa téh kana ngomongan kasalahan atawa nyalahkeun batur. Pek geura padahal mah dirina sorangan gé sok aya keneh kakurangan téh, Ua,”

“Nya ari kitu?,”

“Kahoyong téh Ua, ari rék nyariosan batur atawa ngoréksi kasalahan batur, geura kudu ngaji diri. Naha teu éra kitu ngoréhan kasalahan batur terus dipidangkeun di hareupeun jalmi réa? Mun cara Emad mah, asa téh éra Ua,”

“Nya duka teuing atuh. Meureun jelema téh bener makana daék nyarékan batur gé, Madhari,” ceuk Ua Darja, “Nu salah mah, manéh ogé naha mimiluanan ulubiung kana cara manéh ngoréhan laku lampah batur. Géuning bisa apal jelema éta dianggép goréng téh, boa mah éta gé ngan tetempoan manéh hungkul,”

“Ari kitu?,” tanya Madhari.

“Nya manéh gé kudu ngaji kana diri manéh. Naon urusana bet ngilu ulubiung kana kahirupan batur. Ulah teuing nepak cai malar cérét, Madhari,”

“Eum ari Ua. Apanan kuring mah tara buja beja deui ka batur, Ua. Mun ningal atawa mireng nu kawas kitu téh kuring mah ukur cicing wé dipikir ku sorangan. Naha bener atawa henteu nu disebatkeun ceuk maranéhna téh, Ua,”

“Ari bieu bet dicaritakeun ka Ua?,”

“Eum... nya kuring mah percaya ka Ua. Da ari Ua mah geus ajrih ku pangarti, jembar ku pangabisa,” ceuk Madhari, “Emad gé sok hoyong Ua, cacarita jiga batur. Nyarékan ka nu dianggap salah ceuk Emad, ngan asa heurin létah ari rék nyarita téh, Ua,”

“Heueuh,”

“Geura contona Ua, lamun aya jalmi téh keur nyarékan ka jalmi séjén, atawa mun kuring maca ayeuna mah dina jaman téknologi canggih téa géuning loba nu cacarita téh di na status-status téa, Ua. Apal Ua status?,” tanya Madhari.

“Heueuh apal. Status Ua ogé apanan geus kawin, Madhari,”

Ceuleukeuteuk Madhari seuri.

“Ish, sanés status di na katépé,”

“Ari geus status naon?,”

“Status médsos-médsos géuning, Ua. Média sosial,” bari pindah diuk rada deukeut ka Ua Darja, “Tah nu kieu,” sor Madhari nempokeun HP ka Ua Darja.

“Teu katempo, rada deukeut,”

Abong jelema kolot. Ceuk Madhari.

“Cik cobi aos ku Ua, ka aos seratana?,” tanya Madhari bari nempokeun tulisan salah sahiji pamaké medsos.

“Naha salahna naon. Pan tulisan hungkul?,”

“Ua apal jalmi ieu?,” tanya Madhari.

“Saha da ngan aya ngaranan hungkul, Raden Permana,”

“Mang Ruksam,”

“Naha bet ngarana lain Ruksam,”

“Namina ogé médsos, Ua. Sok disamarkeun ceuk jaman ayeuna mah,”

“Ni kitu atuh, Ruksam. Éra sugan diaranan ku kolot téh,”

“Tingal ari nuliskeun jiga nu bener perkawis agama, Ua,”  ceuk Madhari.

“Heueuh,”

“Sok milu ngomentaran sikep batur nu ceuk manéhna salah, Ua. Terus dipidangkeun di dieu yeuh di na pésbuk. Nu kieu téh namina pésbuk, Ua,” ceuk Madhari.

“Boa manéhna ayeuna geus masantrén, Jang,”

“Ah masantrén dimana atuh,” bari kerung, “Abdi mah sok ngaraos geuleuh ih, Ua. Ni jiga nu bener téh Mang Ruksam. Meni sok ngoméntaran téh palebah akhlak atawa aéb jalmi séjén. Sok asa pang benerna, bari jeung maké identitas palsu,”

“Kaganggu manéh Madhari?,”

“Eum teu kaganggu ngan geuleuh wé ningalna, Ua,”

“Nya ulah ditempo,”

“Da katingal, Ua,”

“Tong maké nu kitu,”

“Ih peryogi,”

“Keur kaperluan naon atuh?,”

“Ningalian wé status-status séjén anu saé. Sok janten ngamotipasi,”

“Kitu nya,”

“Kantenan,” ceuk Madhari semu bingung, “Salah teu Ua abdi milu geuleuh ka Mang Ruksam?,”

“Eum..,” Ua Darja tuluy diuk rada ngajauhan. Nyarandé kana dipan. Rokok upet dikoréhan ti na endong. Kecrék disundut. Sebrung aseupna pinuh nyerebung ka awang-awang.

“Madhari,” Ua Darja ngomongan, “Ari jelema téh  béda-béda sikep. Manéh teu resep ka hiji jelema, éta wajar. Ngan mun bisa mah ulah nepi teu suka. Da goréng. Kudu hadé jeung batur, jeung dulur. Lamun nempo aya sikep hiji jelema anu teu dipikaresep ku manéh, heug antep. Lamun éta bener sikep téh salah, ngké gé atuh aya mamalana. Urang mah teu kudu bingung milu teu resep, nepi ka kaganggu kahirupan urang ku cara nempo hirup batur. Antepkeun wé, Madhari,” ngisep rokok rada jero. Serebung dikaluarkeun.

“Manéh gé bakal milu kabawa goréng lamun manéh ulubiung milu teu suka, atawa ngarasa kaganggu ku kahirupan batur. Ngarah teu loba teuing kasalahan urang, antepkeun wé. Dicicingkeun wé. Lamun bisa mah tong ditempoan naon-naon anu manéh teu suka. Ulah ieu mah ongkoh teu suka, bari jeung hayeuh wé ditempoan. Nya matak beuki keuheul. Antepkeun wé. Tong ditempo, Jang,”

“Emad salah kitu, Ua, ayeuna mimiluan ngomongkeun kasalahan batur?,”

“Eu.. kumaha atuh nya. Nya bisa ogé disebut salah. Lantaran manéh geus teu suka ka batur,” bari menerkeun bungkus rokok, “Leungitkeun wé. Cokot hikmahna, Madhari. Cokot nu alus-alusna wé. Najan manéhna ceuk manéh kadang teu akur jeung kahirupanana, atuh sugan omongna mah aya salah sahiji anu bener. Pék cokot. Da elmu mah datangna bisa timana wé, nu penting mah dicokot nu alusna,”

“Da Emad mah teu empan Ua, gidig ningalna gé. Ih naon téh. Pék jang sorangan. Teu kudu milu ngomentaran,”

“Heueuh apal. Ngan atuh manéh gé ulah kitu. Sarua wé manéh gé jiga si Ruksam atuh, Jang,” ceuk Ua, “Manéh kababawa sok ngomentaran hirup batur. Milu ngomongkeun aéb batur. Aéb si Ruksam. Mun manéh ngarasa leuwih bener, cicing wé. Ulah dipidangkeun di na karamean. Komo ari dipaké ngalawan mah,”

Madhari ukur ngahuleng ngadéngékeun omongan Ua Darja téh. Ua Darja hayeuh wé norowéco méré pépéling.

“Pan aya salah sahiji ajaran agama urang, Madhari. Cénah urang téh lamun rék niat menerkeun kasalahan batur, geura pék langsung ka jelemana, ulah di nu tempat réa. Lamun di tempat réa, sarua wé jeung ngaragragkeun harga diri jelemana. Meureun si Ruksam di na pasal ieu bisa salah. Manéhna dipidangkeun di na naon tadi téh, Madhari?,”

“Di na pésbuk,”

“Heueuh nu kitu. Mukakeun aéb sorangana ogé. Mukakeun aéb numana inyana gé kawas kitu. Purah ngomongkeun jelema. Pan aya cenah keur Ua ngora mah pernah maca, cenah : dirimu adalah kualitas dirimu. Meureun bisa dihartikeun da nu ngajieun diri urang alus téh, urang-urangna kénéh. Kitu deui mun nyieun kagoréngan,” ceuk Ua Darja, “Lamun di na basa bangsa kulon mah aya kalimah alus kawas kieu : People know you are good, if you are good, kaharti?,”

Ceuleukeuteuk Madhari seuri. Bisaan geus aki-aki ngomong basa inggrisna mah alus. Ngan hartina naon teu nyahoeun Madhari téh.

“Aéh kalah seuri,”

“Atuh da kagugu, Ua,”

“Kaharti ku silaing hartina?,”

“Henteu, Ua,”

“Nurustunjung. Bieu seuri kirakeun apal,” Ua Darja murukusunu, “Hartina téh, Jang. Manéh teu kudu riweuh ngampanyeukeun manéh boga sikep atawa paroman anu alus. Sabab, batur gé bakal nyaho sorangan paripolah urang kumaha, ku cara batur nempo séwang-séwangan. Lamun manéh paripolahna alus, batur gé tangtu nyarebut manéh téh alus. Kitu deui lamun manéh téh goréng, batur ogé bakal nempo manéh goréng,”

Madhari ukur cicing bari katempo mikirkeun naon anu diomongkeun ku Ua Darja. Waktu geus nyedek kana sore. Hayam geus arumah, langit beuki angkeb moékan. Dur gedur bedug di tabeuh. Kadéngé takbir ti musola deukeut imah Ua Darja.

Obrolan tung-tungna mah dipungkas. Geus asup kana waktuna sambéang. Barangreup.

“Rék milu ka masigit, Madhari?,” tanya Ua Darja anu geus maké kopeah jeung baju husus keur ka masigit.

“Eu manawi engké nyusul, Ua,” ceuk Madhari.

“Kaburu enggeusan, buru disalin. Bawa sarung Ua tuh dijero, geus disadiakeun jang manéh,”

“Muhun Ua,” bari seuri tuluy nyokot sarung.

Marangkat maranéhna duaan ka masigit. Madhari semu nanggeuy leumpangna Ua Darja. Peuting nyérélék. Nu leumpang ka masigitkeun beuki teu katempo. Poék.

 

Penulis : Tedy Ageng Setiady, pamuda ti Dusun Cikopo, Desa Cibinuang, Kecamatan Kuningan.

18 days ago, by BingkaiWarta
Category : BERITA PILIHAN, ARTIKEL

Kontak Informasi BingkaiWarta.com

Redaksi : redaksi[at]bingkaiwarta.com
Iklan : iklan[at]bingkaiwarta.com









Berita Terkini

Categories