Misteri Gunung Ciremai 2

By : BingkaiWarta - BingkaiWarta, 2019-02-02 22:13:51+07

photo_2019-02-02_22-00-29.jpg

Ciremai, gunung pangluhurna di tatar Sunda nu aya di Kabupaten Kuningan

 

Ngajirimna Nyi Linggi Dibaturan 2 Macan Tutul

Kuningan - Neruskeun kana tulisan dina malem Ahad saminggu katukang, medar carita kaahéngan di wewengkon gunung pangjangkungna di Jawa Barat, nyaéta Gunung Ciremai, kalayan ngaguar kaahéngan atawa misteri anu masih nyambung kana lalampahan para Waliullah jeung Satria Kawirangan nu pituin akina Sunan Gunung Jati, ogé dongéng-dongéng séjéna nu éstu masih dipercaya kebeneranna ku sabagéan masyarakat di tatar Kuningan.

Nurutkeun salah saurang kuncén Gunung Ciremai anu embung disebutkeun ngarana, cenah satuntasna Sunan Gunung Jati mujasmédi ngaraketkeun diri ka Illahi Rabbi tur turun ti éta gunung, tempat nu dipaké alas pikeun tapa, nyaéta Batu Lingga didatangan Nyi Linggi, bari diaping ku dua macan tutul.

Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa béja, lain leumpang maladra, atawa Indit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lampah sakaparan-paran henteu puguh anu dijugjug, tapi Nyi Linggi boga paniatan pikeun neruskeun tapa bratana kanjeng Sunan.

Kacatur, Nyi Linggi boga kahayang pohara gédéna pikeun mibanda élmu kadigjayaan ku cara ngalakonan ritual di saluhureun Batu Lingga. Gan hanjakal, majarna lain hasil mucekil kaala tina milampah tapa, sabaliknya Nyi Linggi kalah tinemu ajal, tilar dunya saacan ngaréngsékeun tirakatna.

Jasad Nyi Linggi, ahirna kapanggihan ku warga sababaraha poe saenggeusna maot dina saluhureun Batu Lingga, sedengkeun nurutkeun carita dua macan tutulna ilang tanpa laratan, jadi misteri nepi ka ayeuna, duka kamana ngaleungitna dua pangawal Nyi Linggi eta.

Majarna, nepi ka wangkit ayeuna Nyi Linggi sok ngajirim, ka tingali ku warga, malahan mah loba tukang naek gunung anu ngaku yen maranehna kungsi manggih wujud nini nini di aping dua macan tutul di wewengkon Batu Lingga.

Sora Gamelan Kadenge Ku Tukang Naraek Gunung

Salian kaahengan tina carita Sunan Gunung Jati, Satria Kawirangan, jeung Nyi Linggi, cenah mah loba deui anu liana, diantarana sora gamelan, Jalak Hideung jeung Nyiruan hideung, misteri tanjakan bapa téré jeung sajabana.

Nurutkeun pangakuan sababaraha tukang naék gunung, lain saurang baé cenah nu kungsi ngadéngé sora gamelan lamat-lamat ti leuweung dina sisi gigir jalur jalan nu nebrasna ka puncak Ciremai, malahan aya nu pernah teu kahaja ngarékam éta kajadian, dina video handphone, gan hanjakalna saukur sora anu bisa karékam, sedengkeun gambarna éstu ngagelemeng hideung.

Tina éta pasoalan, lain saurang nyebutkeun yén kadengena sora téh mangrupakeun tatabeuhan nu disadakeun ku mahluk goib anu ngageugeuh di éta patempatan, kalayan sabagéan nganggep tujuanana keur ngabagéakeun kadatangan singsaha waé jelma ka éta wewengkon, sawaréh deui boga anggepan sora gamelan mangrupakeun tegoranm kusabab nu daratang jeung boga paniatan naek ka puncak Ciremai loba teuing saleuseurian.

Sedengkeun nurutkeun salah saurang aktivis paguyuban pencinta alam nu kawentar di Kuningan, nyaéta Aktivitas Anak Rimba (Akar), sora gamelan datangna ti mahluk ahéng di Gunung Ciremai, kalayan boga maksud nyasabkeun ka singsaha baé jelma anu eukeur naék ka puncak, tina jalur pendakian bener, nepi kasarad ka leuweung atawa tempat lain nu teu sakuduna.

Terus, ngawenehana Jalak hideung jeung Nyiruan hideung lir ibarat ngalengkepkeun barahatna Gunung Ciremai, dimana Jalak datang minangka panatag nu ngajemput tukang naraék gunung di Pos VI atawa di Pangalap, terus éta mahluk téh nganteur nuduhkeun jalan nepi Seruni, tapi sapanjang lumampah éstu teu leupas tina gangguan Nyiruan hideung. Nepi ka warga di sahandapeun Ciremai sering ngaomat-omat ka nu rek naraek, supaya ulah ngaganggu ka dua mahluk kasebut, supaya pinanggih kasalametan salila naékan Gunung Ciremai. (Bari saéstuna, mun keur milampah naékan Ciremai, atawa ulin ka leuweung hamo boa ulah maéahan sato atawa ngaruksak tatangkalan nu aya di éta eta patempatan, pikeun ngajaga kalastarian alam)


Terus, pas keur meumeujeuhna nanjak, dina kaluhuran 2.200 mdpl urang baris ngahareupan tanjakan nektek, kalayan kawentar dipapada tukang naek gunung, tanjakan anu bisa maksa urang pikeun ngorondang, nya eta pisan nu kasebut tanjakan bapa téré. Lir ibarat peureus peurihna siksaan bapa téré ka anak téréna.

Ujaring carita ti wangatua, baheula aya saurang bapa nu ngajak anak téréna nanjak ka puncak Gunung Ciremai, dina waktu mulang turun ti punclut, nasib kurang hadé nimpa ka budak nu diajak lumampah ku bapa téréna pikeun napakan ujung pangluhurna gunung, béjana sibudak téh ditandasa bapana di tanjakan garihal éta.

Dina éta obrolan, kuncen Ciremai ngingetkeun ka singsaha baé nu boga paniatan ngajugjugan punclut Gunung Ciremai supaya eureun heula pas suku rék ngamulaian ngaléngkah naék, bari nenjrag bumi tilu kali, kalayan dibarengan ku ngucap salam. Ieu téh ngandung maksud supaya urang dijauhkeun tina gogoda, atawa gangguan dedemit anu ngageugeuh di satungtung alam Ciremai.

Sabab, cek kuncén, dina zaman baheula di Gunung Ciremai rea pisan jelma-jelma jeung kuda anu tilar dunya kusabab teu tahan dina salila narima pagawean anu diparentahkeun ku panjajah Belanda.

Pikeun ngajaga kasalametan dina mangsa lumampah di Gunung Ciremai, kuncén ngabéjaan, aya pantangan anu kudu dijauhan diantarana, ulah ngarasula, aral subaha, ulah nyekel atawa muntang kana tuur, ulah kahampangan boh miceun di sambarang tempat, terus ulah nepi kapoho ngucap salam di unggal pos sapanjang jalan ka luhur gunung. Wallahu A'lam Bishawab. (Yud’s/Ti sababaraha sumber)

7 months ago, by BingkaiWarta
Category : BERITA PILIHAN, PERNIK, SENI & BUDAYA

Kontak Informasi BingkaiWarta.com

Redaksi : redaksi[at]bingkaiwarta.com
Iklan : iklan[at]bingkaiwarta.com




















Berita Terkini

Categories