Nyukcruk Jalur Sajarah Kabupaten Kuningan Bagian 1

By : BingkaiWarta - BingkaiWarta, 2019-03-27 07:36:24+07

photo_2019-03-27_07-32-33.jpg

Museum Situs Taman Purbakala Cipari, Kalurahan/Kacamatan Cigugur anu mangrupakeun bukti ayana kahirupan dina zaman Neolitikum jeung Megalitikum di Kabupaten Kuningan.


Kuningan - Dumasar kana sababaraha paninggalan kahirupan zaman pra sejarah anu ngembréhkeun ayana kahirupan dina zaman Neolitikum jeung batu-batu gedé nu mangrupakeun sisa tina kabudayaan Megalitikum, para ahli sajarah ngira-ngira kurang leuwih 3.500 taun satacana masehi geus aya kahirupan di daerah Kuningan.

Bukti éta bisa ditingali di Kampung Cipari, Kalurahan/Kacamatan Cigugur, kalayan ditimukeuna warisan pra sajarah dina taun 1972 mangrupa pakakas tina batu obsidian (batu kendan), pecahan-pecahan gagarabah (tembikar), kuburan batu, pakakas tina batu jeung keramik, kusabab kitu dina mangsa harita dikira-kira geus aya wewengkon tempat hirup kumbuhna manusa nu mibanda kabudayaan luhur.

Tina hasil panalungtikan nembrakeun yén Situs Cipari ngalaman dua kali masa jadi panganjrekan, nyaéta na mangsa panungtung Neolitikum, atawa awal dipikawanohna bahan perunggu, kira-kira antara taun 1000 SM nepi ka 500 Masehi. Dimana dina wangkit harita masyarakat geus paham kana organisasi nu alus, jeung kapercayaan mangrupa pamujaan ka karuhun (animisme jeung dinamisme), oge dipanggihanana titinggalan adat tina batu-batu gedé nu aya di zaman Megalitikum.

Na mangsa Hindu, dina babad carita Parahyangan nyebutkeun ayana hiji wewengkon nu mibanda kakuatan politik pinuh, sarupa hiji nagara ngarana Kuningan, numana Karajaan Kuningan ngadeg saanggeusna Seuweukarma diistrénan jadi raja kalayan ngabogaan gelar Rahiyang Tangkuku, atawa Sang Kuku nu nganjrek di Arile atawa Saunggalah.

Seuweukarma nganut ajaran Dangiang Kuning, tur ngagem ka Sanghiyang Dharma (ajaran kitab suci) jeung Sanghiyang Riksa (sapuluh cekelan hirup). Nya dina zaman kapamingpinan Seuweukarma anu kawilang sakitu lilana, kakuasaan Kuningan ngalébar nepi ka nagri Malayu, bari rahayatna ngarasa hirup aman tur tentrem.

Nya dumasar kana carita Parahyangan ogé, kaguar yén satacan Sanjaya nguasaan Karajaan Galuh, inyana kudu ngéléhkeun heula Sang Wulan, Sang Tumanggal, jeung Sang Pandawa, 3 tokoh pangawasa di Kuningan (Triumvirat), anu ngandalikeun kakawasaan pamaréntahan di Kuningan, sakumaha konsép Tritangtu dina ugeran pamaréntahan tradisional suku Sunda Buhun.

Sang Wulan, Tumanggal, jeung Pandawa kasebut ngajalankeun pamaréntahan nurutkeun adat tradisi na mangsa harita, kalayan ngemban amanah minangka Sang Rama, Sang Resi, jeung Sang Ratu. Sang Rama nu nyekel pupuhu adat, Sang Resi pupuhu agama, sedengkeun Sang Ratu salaku pupuhu pamaréntahan. Nya kulantaran éta ogé, basa Karajaan Kuningan dijalankeun tokoh Triumvirat kaayaan nagri éstu aya dina gemah ripah lohjinawi tata tentrem kerta raharja, sabab masing masing tanggungjawab di cekel kunu ahli di widangna. Dimana tata aturan hukum/masalah adat saéstuna dijalankeun kalayan pinuh ku kataatan, pasualan kapercayaan/agama jeung pamaréntahan sakabéhna éstu sauyunan, sareundeuk saigel, sabobot sapihanéan.

Pon kitu deui, dina wangkit diparéntah Resiguru Demunawan (minantu Sang Pandawa) Kuningan masih mangrupakeun Karajaan Agama Hindu. Hal ieu katingali tina ajaran ajaran Resiguru Demunawan nu nerapkeun kaélmuan Dangiang Kuningan – Kaparamartaan, nepi ngaran Kuningan kaceluk ka awun-awun kawéntar ka janapria, kakoncara ka mancanagara.

Dina naskah carita Parahyangan disebutkeun, kajayaan Kuningan na waktu diparéntah Resiguru Demunawan nu nelah Sang Seuweukarma (panguasa/nu nyekel hukum) atawa Sang Rahyangtang Kuku/Sang Kuku, kaagungan Kuningan ngaleuwihan, atawa sabanding agungna Galuh jeung Sunda Pakuan, anu kakuasaana nepi Malayu, Tuntang, Blitar jeung sajabana.

Salian ti éta gan aya tilu ngaran tokoh raja di Jawa Barat dilungguhan Rajaresi, nu hartina saurang pamingpin pamaréntahan sakaligus ahli agama (resi) diantarana, Resi Manikmaya ti Karajaan Kendan (di sabudereun Cicalengka – Bandung), Resi Demunawan ti Saunggalah Kuningan, jeung Resi Niskala Wastu Kencana ti Galuh Kawali.

Tisaprak éta carita Karajaan Kuningan lir ibarat kaputus, karék dina taun 1175 Masehi timbul deui, masih dina mangsa Kuningan anu nganut agama Hindu kalayan diluluguan ku Rakéan Darmariksa, jeung mangrupakeun daerah otonom nu asupna ka wilayah karajaan Sunda bari kawentar ku ngaran Pajajaran. Cirebon ogé dina taun 1389 Masehi mah masih asupna kana kakawasaan karajaan Pajajaran, gan dina abad ka 15 Cirebon nu mangrupakeun karajaan Islam ngamerdekakeun diri ti Pakuan Pajajaran. – Nyambung ka bagian 2 (Yud’s/ti sababaraha sumber)

 

7 months ago, by BingkaiWarta
Category : BERITA PILIHAN, SENI & BUDAYA

Kontak Informasi BingkaiWarta.com

Redaksi : redaksi[at]bingkaiwarta.com
Iklan : iklan[at]bingkaiwarta.com











Berita Terkini

Categories