Putri Lara Kadita (Nyi Rara Kidul) Bagian 1

By : BingkaiWarta - BingkaiWarta, 2019-03-30 16:39:00+07

Putri Lara Kadita s.jpg

Ilustrasi.

Kuningan – Masarakat Jawa Barat khususna, umumna nu aya di pulo Jawa jeung Nusantara pasti teu bireuk deui ka legénda Nyi Rara Kidul, pangawasa spiritual wewengkon Basisir Kidul Jawa Barat (Pelabuhan Ratu/Samudra Hindia), nu asal muasalna nurutkeun dongeng babad Jawa dina mangsa Prabu Munding Wangi maréntah Karajaan Sunda Pajajaran, hiji karajaan nu umurna leuwih kolot ti legénda Karajaan Mataram Islam dina abad ka 16.

Sedengkeun, lamun ngarujuk kana panalungtikan antropologi jeung kultur masarakat Jawa jeung Sunda nunjukeun yén legénda kasebut jigana asalna ti kapercayaan animistik prasajarah nu leuwih kolot deui, dewi pra-Hindu-Budha ti sagara kidul, rongkahna ombak samudra Hindia, dibarung topan jeung tsunamina, rupana sanggup ngahudangkeun rasa hormat jeung gedéna kasieun kana kakuatan alam, nu saterusna dianggep mangrupakeun alam spiritual para déwata tur lelembut nu ngageugeuh di basisir kidul kalayan diratuan ku wujud dewi,  bari mibanda gelar nyaéta Ratu Kidul.

Nurutkeun ujaring carita, Prabu Munding Wangi nu mangrupakeun raja di Karajaan Sunda Pajajaran, salah sahiji pamaréntahan gedé di Pulo Jawa dina mangsa harita, bari rahayatna hirup dina kaayaan gemah ripah lohjinawi tata tentrem kerta raharja ngabogaan permésuri ngarana Dewi Rembulan tur meunang karunia saurang putri nyaéta Putri Lara Kadita, wanoja campernik anu geulis kawanti-wanti éndah kabina-bina, malah mah pédah saking geulisna éta putri nepi dilandih Dewi Srangéngé kalayan ngandung harti panon poé anu éndah.

Na mangsa harita geus jadi ilahar, saurang raja pasti mibanda pamajikan salian ti permésuri nu disebut selir, nya kitu ogé Prabu Munding Wangi, inyana ngabogaan selir nyaéta Dewi Mutiara, hanjakalna éta selir téh ngabogaan sifat kurang hadé, haténa éstu dipinuhan ku sifat iri dengki sirik pidik jail kaniaya, utamana ka Dewi Rembulan.

Upaya Dewi Mutiara pikeun nyingkahkeun Dewi Rembulan reujeung anakna ti kakaratonan mulai ketembong jalana, sabarang inyana nyaksian kadatangan hiji Pandita nu mawa béwara bagja ka raja yén raja moal lila deui baris ngabogaan anak lalaki, bari éta jabang bayi nu dimaksud sang Pandita téh éstu nu aya dina kandunganana.

Dewi Mutiara kacida ngarasa bagja, sok komo dibarung ku ningali Sang Prabu pohara bungahna, sabab Prabu Mundingwangi geus sakitu lilana mikahayang ngabogaan anak lalaki nu baris diistrénan pikeun neruskeun mingpin karajaan. Kabagjaan Dewi Mutiara tambah gedé, kusabab teu ningjeum ceuli teu nginjeum mata inyana nyaksian raja kedal lisan nu kieu unggelna, “Sanajan anak kaula lahir ti Rahim saurang selir, teu nanaon, ku kawenangan kaula ieu budak baris diangkat jadi putra makuta,” kitu pokna. (Yuds/Ti sababaraha sumber)

7 months ago, by BingkaiWarta
Category : BERITA PILIHAN, PERNIK, ARTIKEL

Kontak Informasi BingkaiWarta.com

Redaksi : redaksi[at]bingkaiwarta.com
Iklan : iklan[at]bingkaiwarta.com











Berita Terkini

Categories